Selasa, 15 November 2011

SEPEDA ONTEL VERSUS DELMAN

Ningali Sepeda Ontel, Mmmh....jadi waas. Inget ka jaman baheula. Lain waktu keur ngora, tapi beh dituna. Tah enya eta..... mangsa keur budak. Mangsa-mangsa pinuh karesep jeung pinuh kaulinan. Kaulinan nu moal nyampak di barudak kiwari. Sabangsaning Galah, Gatrik, Pecle, Ucing sumput jrrd. Anu ayeuna mah kari tunggul budayana. Kasilih ku "Gameswatch", "Nitendo", terus "Play Station". Kadieunakeun aya "Games hape", malah ayeuna mah populer ku "Games Online"!!

Sapeda Ontel ngalalar hareupeun Imah. Diboseh ku Aki-aki. Jigana manehna teh Veteran, da make seragamna "khas" warna kheki-kheki, dina pecina jeung dada aya emblim "merah-putih". Duka ketang mun sakadar "fashionshow" jang narik "perhatian" batur mah.

Najan nyelap disela-sela herang mencrangna mobil Inova, Honda Jazz jeung Ferari kagungan "Melinda Di" tapi Sapeda Ontel eta bet onjoy katempona. " Wah Antik Euy!!!....". gorowok tukang ojeg dipeuntaseun jalan.

Jang kuring mah, pamandangan sapeda ontel eta teh bet mulangkeun panineungan ka lima puluh taun katukang. Blenyeeeh...blenyeeh kuring seuri sorangan. Ras inget kana kajadian baheula. Kacilakaan Ontel nu dibawa ku kuring nabrak Delman..... mmmmh....bet karasa lucuna ayeuna.

Poho deui taun kajadianana mah. Nu kainget teh harita kuring kakara asup Kelas Hiji Sakola Rakyat (SR) mun ayeuna mah SD. Harita teh pun Bapa meser sapeda merk "religh". Mani atoh teh hate kuring. Meureun mun ayeuna mah kawas budak dipangmeulikeun motor da karasana teh pinuh kareueus. Saking reueus na, ti isuk-isuk tug nepi ka peuting, gawe teh kuring ngelapan sapeda. Da ari numpak jeung ngaboseh mah tacan bisa. Suku ge ngagantung keneh. Paling-paling sepeda ditungtun-tungtun kamamana. Mun ceuk pikiran ayeuna mah ngalatih leungeun netegkeun nyekel setang.

Dua poe ti harita, kakara kuring wani diajar naek sepeda. Eta sepeda teh, lain sepeda mini anu ilaharna jang barudak, tapi ieu mah sepeda gede jang kolot. Aya palang beusi di tengahna ge. Cenah nukitu teh disebut "sepeda lalakina", da ngan bisa dipake ku lalaki. Mun dipake ku awewe mah anu harita marake rok panjang atawa kabaya, pasti ti karijet. Mun naek sepeda, kuring mah can bisa nete pedal ku suku kenca heula, sabab can aya kasaimbangan. Tapi make suku katuhu. Sepeda teh dilengkahan ... gojreek ... gojreek ... pedal di bosehna saeutik-saeutik, teu saputeran ieuh.

Diajar sepeda teh di lapang, keur kuring mah geus teu malire waktu. Ti rebun-rebun, teu ngahiding ku tiris bari lapang leueur ku cireumis, atawa beurang panas mentrang, moreret panon poe, atawa hujan ngagebret, buuk camutmut baju jibreg ge, ih terus jeung terus be diajar sepeda teh. Kusabab kitu, ngan sapoe kuring geus bisa ngajalankeun sepeda bari saimbang maju diboseh.
Ari suku pinuh tatu jeung barared dina bincurang atawa tuur jalantowor mah moal dicaritakeun da panjang teuing lalakonna.

Dasar budak, malah indung-bapak jeung tatangga mah nelah ka diri kuring teh "budak bangor" jeung "budak bandel". Tapi ceuk rarasaan kuring harita mah wajar-wajar saja!! Maksud teh..... kuring sok keukeuh peuteukeuh saking hayang bisa.
Isukna kuring nyoba-nyoba ngajalankeun sepeda bari naek kana palang beusina. Padahal suku can bisa nepi kana pedal. Ngaboseh ge dikaitan ku indung suku atawa usay-asoy ngasah palangkakan. Atuh sianyut unang....teh lalecet .... hehehe.....

Teu cukup sakitu, numpak sepeda geus teu puas di lapang. Kuring nekad turun ka jalan. Wah...wah...hebat masuk Arena niech.... Ceuk dina hate harita.

Sesepedahan ti isuk nepi ka beurang, lain ngan sakadar luut leet kesang, tapi karasa halabhab hayang nginum teu katahan. Kuring balik ka imah. Di sagigireun hayang nginum kuring geus kudu asup Sakola da kagiliran bagean asup beurang. Puguh sok rada leleda ari asup sakola teh, da eta boga rasa Indung jadi "Kepala Sekolana". Disebutna ge harita mah "Juragan Mantri Guru". Wah..wah...mpreeet... ceuk Incu nyemceman. Bari pok teh nanya: "Kek...... waktu dulu kakek tiga hari belajar sepeda.... bolos sekolah yah...???". Atuh puguh kuring bingung ngajawab. Tungtungna ngomong sabulang bentor : "Ssst....yg itu Ъќ ada di skenario!!"

Rengse mandi, kuring make baju "Matros". Baju kameumeut, bodas strip biru kawas Angkatan Laut. Harita mah can aya Seragam Sakola. Loba keneh murid nu make baju sahayuna jeung saayana. Urut dulurna atawa urut kolotna da katempona galombrang logor. Mun ayeuna, jiga na baju murid loba nu make kaos Partai politik sesa Pemilu atawa nu aya Gambar Calon Kepala Daerah sesa Pilkada. Kacipta beraneka rupa kawas kampanye gabungan di sakola teh. Palebah suku, tara disapatuan atawa make sendal ieuh. Lolobaana mah "Nyeker"!!!. Duh.....Nasib.....potret Indonesia masa lalu!! Alat-alat sakola beda jeung ayeuna serba lengkap serba merk "Cina" Timimiti patlot, jidar jeung wadah na nepi ka Kantong kabeh buatan babah. Kaciri bangsa urang mah "horeaman" tamba era bisi disebut "Teu Becus Nyieun"!!!
Harita mah alat sakola teh "Sabak" jeung "Gerip". moal manggih Buku!!! Euweuh kalkulator.... tapi cukup ku popotongan nyere.

Saenggeus ginding, kuring ngahaja ngaca heula dina eunteung. Nyisiran bari luhak lehek. Mmm ....... gaya lah.... buuk ge dipotong ala "calipso"

"Tok tok tok.. Punten....punten" jigana di luar aya tamu. Enya be....anu pupuntenan teh murid kelas genep jurungan pun biang bade nyandak bubuy sampeu nu dibalur ku gula sireum. Kedah dianteurkeun ka Sakola saurna teh.
Lakadala..... Ceuk pikir kuring.... kabeneran kuring hayang make sepeda ka sakola. "Teh..... Wios bubuy sampeu mah engke dicandak ku abdi ka sakola, ceuk kuring ka jurungan pun biang.

Jarak ti Imah kuring ka sakola teh kurang leuwih kana lima ratus meteran. Jalana mudun pisan. Teu manggih tanjakan atawa datar deui. Mudun teh terus nepi ka pakarangan sakola. Mun make sepeda teh mo kungsi diboseh. Aah... ngeunah yeuh..... Ceuk hate kuring.

Bubuy Sampeu dua gelempeng di bungkus ku kertas koran opat lapis. Diteundeun luhureun sabak dina pangboncengan sepeda. Dibeungkeut make tali tambang lulub, da harita mah can aya tali rafia.
Clak kuring naek sepeda. Teu hese ieuh.....geuleuyeung sepeda maju da karuhan mudun tea. Gurudug....guruduk.... sepeda beuki lila...beuki tarik..... tariiik .... tariik ....tariiik pisan. Kuring panik. Rem ngadadak teu jalan. Laju sepeda geus teu kakendalikeun. Dihareupeun aya delman.... Kuring beuki panik........ Tungtungna ...brrraaaakk.....!!!! sepeda neunggar kuda. Kuring jeung sepeda na asup kakolong delman. Sabak jeung bungkusan sampeu ngacleng!! Sabak mah peupeus ancur pisan mo kapuluk deui. Ngan eta bungkusan sampeu ngaclengna kana kadut wadah "eta kuda" nu biasa di pasang handapeun delman.

Anehna kuring mah teu nanaon. Ngan siku duanana bared. Tapi kuring ceurik satarik tarikna. Atuh puguh kusir teh reuwaseun kacida, bari ngarampaan awak kuring bisi kumaonam jigana. Bari ceurik kuring nunjuk kana kadut wadah "eta kuda". Kusir rungah ringeuh teu ngartieun. Tapi sanggeus katempo aya bungkusan, kakara ngarti, bari tuluy ngasongkeun bungkusan ka kuring. Bungkusan teh jadi hejo warnana pinuh ku "jus jukut". Untung be dibungkus ku opat lapis koran. Lambar bungkusan paling luar nu kotor ku kuring dibuka tuluy dipiceun. Katingalina ge ayeuna mah bersih deui.

Pondok carita.... Kuring dianteurkeun ka sakola dina delman. Teu nyaur ieuh ka pun biang yen kuring tos kacilakaan. Da eta sieun diambek. Langsung kuring asup ka Ruang Kepala Sakola kalayan gusat gesut nyanggakeun bungkusan tea.
Tos kitu mah berebet be kuring lumpat muru ka kelas.
.
Peutingna..... Bada isya kuring ngapalkeun di tengah imah. Pun biang sasauran ka pun bapa di ruang tamu : " Tadi mah di sakola bubuy sampeu teh nikmat pisan, gula sireumna teh asa pelem teu pati amis teuing. Duka pedah galo sareng sampeu.....tapi da asa renyah kawas urab"
Kuring : Boa boa???????????

Tidak ada komentar: